DONGENG SUNDA : WAWALES CAKCAK
Wawales
Cakcak
Di
hiji imah aya sakadang Cakcak
jeung sakadang Beurit. Ari sakadang Cak¬cak téh, dina
sapopoéna sok ngadaharan reungit nu sok ngaganggu nu boga imah. Ari sakadang Beurit mah gawéna téh
ngan ngagandéngan nu boga imah, dina waktu keur saré. Salian
ti kitu téh,
sakadang Beurit sok puak-paok kana kadaharan nu disimpen dina lomari.
Kacaritakeun
dina hiji
peuting di pipir imah, saka¬dang
Cakcak saperti biasa néangan kadaharanana,
nya éta reungit,
di deukeut lampu listrik lima watt. Ngeee ... ng reungit datang.
Teup, eunteup dina lalangit
deukeut lam¬pu. Keteyep sakadang Cakcak ngadeukeutan mangsana. Barang rék dicapluk, gedebrug
di para aya
nu ngagedebrug. Pas pisan di luhureun
sakadang Cakcak nu keur ngala eusi
beuteung. Dina jero haténa sakadang Cakcak ngageremet,
"Kurang ajar saha eta téh nya, moal
salah saka¬dang Beurit. Da si éta mah
kabisana téh ngaganggu batur, keun ku aing
rék disampeurkeun."
Sanggeus
sakadang Cakcak nepi ka jero para,
kasampak téh sakadang Beurit keur ngagulang-gaper dahareun hasil tina jero
lomari. Pok sakadang Cakcak ngomong,
"Hey!
dulur, ulah
gugudubragan di dinya, teu nyaho
urang keur néangan eusi beuteung."
Gilek sakadang Beurit ngagilek bari terus
nenjo, pok manéhna ngo¬mong, "Alah, budak satepak
montong ngatur kasaluhureun."
"Kurang ajar, manéh geus wani-wani ngahina ka kuring," témbal sakadang Cakcak bari
mureleng.
"Yeuh lamun manéh
rék néangan kadaharan, tuh di ditu di
juru imah nu euweuh lampuan," ceuk sakadang Beurit
bari néruskeun
hancana.
Bari
keuheul, sakadang Cakcak ngaleos.
Manehna rek nyoba-nyoba nu diomongkeun ku sakadang Beurit tadi. Sakadang Cakcak cicing, bari ngadagoan
sugan waé aya mangsana datang.
Teu kanyahoan ti mana
datangna ..., jeletot aya nu nyoco kana suku sakadang Cakcak.
Beuki lila
beuki loba. Barang ditingal, sihoreng téh sireum
beureum mani
loba. Berebet saka¬dang Cakcak
lumpat sakalumpat-lampet.
Manéhna tugenah ka sakadang Beu¬rit, lantaran geus dibobodo.
Dina
peuting nu kadua, sakadang Cakcak ningal senteg kurung
nu dipasang keun ku nu boga imah
pikeun néwak sakadang Beurit nu sok ngaganggu.
Sakadang Cakcak boga akal
pikeun ngabales katugenahna, ka sakadang Beurit.
Manehna nepungan saka dang Beurit.
Barang papanggih, pok sakadang Cakcak
téh ngomong, "Sakadang Beurit, kuring boga kada¬haran
keur manéh."
"Di
mana?" ceuk saka¬dang Beurit mani rancingeus,
sabab manéhna can manggih dahareun saeutik-eutik acan.
"Tuh di beulah
ditu," tembal sakadang Cakcak.
Beretek sakadang Beurit lumpat, sanggeus manéh¬na datang ka nu dituju tuluy ngégél roti
nu napel dina
kawat, "jepret!" pan¬to senteg nutup.
Atuh manéhna reuwaseun pisan, bulak-balik ka ditu ka dieu bati tulung-tulungan.***
Comments
Post a Comment