CLICK HERE

Thursday, October 24, 2019

DONGENG SUNDA : MANUK TITIRAN JEUNG NYIRUAN

MANUK TITIRAN JEUNG NYIRUAN

 

     Kacaturkeun di hiji leuweung.

     Poé keur meunjeuhna morérét. Dangdaunan ogé lalayu, teu kuateun ku hawa panas panonpoé nu sisinarieun harita mah kacida panasna. Kitu deui sasatoan, gawéna salasap-sulusup kana rungkun, néangan tempat ngiuhan.

     Teu jauh ti dinya aya nyiruan keur kalantang-kulinting néangan cai. Manéhna kacida ngarasa halabhabna, sanggeus kukurilingan di jero leuweung ti isuk-isuk.

Akhirna sakadang Nyiruan téh manggih pancuran. Tuluy baé dideukeutan' arék nginum. Tapi karék eunteup, Sakadanga Nyiruan téh tisorodot, terus ragrag kana cai.

     "Tulung.... tulung!" Sakadang Nyiruan jejeritan bari roroésan dina cai, ampir paéh.

Kabeneran aya manuk titiran keur ngiuhan dina dahan teu jauh ti dinya. Ngadéngé nu tulung-tulungan, geuwat titiran téh muru datangna sora, rék nulungan. Enya baé, ku Sakadang Titiran katénjoeun nyiruan téh, geuwat metik dangdaunan, tulux cicing di luhurna. Bari rénghap ranjug Sakadang Nyiruan nganuhunkeun ka Sakadang Titiran anu geus nyalametkeun nyawana. Isukna Sakadang Nyiruan kukurilingan rék barangsiar. Barang nepi ka hiji tempat, manéhna mireungeuh aya paninggaran nu keur ngécéngkeun bedilna. Barang disidik-sidik, horéng paninggaran téh keur ngadodoho manuk titiran. Sakadang Nyiruan henteu samar yéntitiran anu keur didodoho ku paninggaran téh anu kungsi nulungan manéhna di pancuran tèa.

     Sakadang Nyiruan tèh tuluy hiber muter-muter luhureun sirah paninggaran. Maksudna mah ngaganggu paninggaran. Tapi, paninggaran téh jiga nu kurang déngé.

Lantaran tarékahna teu hasil, Sakadang Nyiruan mikiran deui cara séjén. Manéhna manggih akal, tuluy imut. Gancang nyiruan hiber cara angin, muru bitis paninggaran nu rék ngabedil titiran téa. Celétét baé diseureud. Paninggaran téh mhagurubug, geblug labuh.

     "Sakadang Titiran, geuwat indit sing jauh!" ceuk Sakadang Nyiruan. Sakadang Titiran karék engeuh mun manéhna keur didodoho ku paninggaran. Tuluy baé manehna hiber ngajauhan éta tempat, bari teu poho nganuhunkeun ka Sakadang Nyiruan.

 

No comments:

Post a Comment