CLICK HERE

Sunday, October 20, 2019

RESENSI NOVEL BAHASA SUNDA "LEMBUR SINGKUR"

RESENSI NOVEL

“LEMBUR SINGKUR”

 

IDENTITAS BUKU:

Judul                           : Lembur Singkur

Pengarang                   : Abdullah Mustappa

Penerbit                       : Giri Mukti

Kandel buku               : 60 kaca

Hak cipta                     : All Right Reserved

Rarancang judul          : Deddy Dubandi

Taun terbit                   : 1979

Sinopsis Novel            :

 

SINOPSIS NOVEL

Ieu novel lembur singkur teh mangrupakeun novel carita anu pikasediheun. Nyaritakeun hiji desa anu jauh ti ka raramean kota, nyaritakeun hiji kulawarga nyaeta nu jadi indung nu ngabogaan 3 budak diantarana 2 lanceuk nu ngarana hadi jeung ahmad, jeung hiji deui budak (nu jadi kuring). 2 lanceukna mondok di lebak ngamankeun diri tina gorombolan, tapi manehna (kuring) ngan duaan jeung indungna lantaran indungna embungeun di ajak mondok ka lebak.

 

Ieu budak teh teu nyahoeun saha bapana, sabab ti leutik indungna teu mere nyaho saha bapana. Dina hiji peuting nu jadi bapana datang ka imahna bari susulumputan, tapi manehna teu nyahoeun yén nu datang téh eta bapana. Hiji waktu manehna jeung indungna mangkat ka sawah, kulantaran indungna gawe ngahuma.

 

Indungna mawa bekel loba, kusabab indungna téh ninggali aya pamariksaan ku gorombolan, manehna reuwas jeung gorombolan curiga ka si ema. kusabab para tantara nyaho yén salaki indungna milu jadi gorombolan, di sangka yén bapana téh jadi mata-mata.

 

Si ema di pariksa jeung ditanyaan tuluy di bawa ka markas para gorombolan. Gorombolan nahan ema neupika peutingna, jeung eta budak ngan bisa nungguan di luar. Teu lila sala sahiji lanceukna datang ka markas, bari susulumputan di leuwung, tuluy mawa balik eta budak. Eta budak téh ngarasa karunyaeun ka emana, naha ema lila di markas gorombolan? tapi isukna emana di pulangkeun deui ka imah.

 

Geus lila tina kajadian éta, gorombolan nyerang ka eta desa, loba tetembakan rame kacida. Loba jelema nu nyumput dina lobang kusabab sieuneun ku gorombolan. Kaayaan desa paburantak teu tenang. Hiji waktu indungna di teangan ku Organisasi Kamanan Desa, ku sabab di curiga yén salakina sok datang susulumputan ka imahna.

 

Tuluy indungna eta budak teh di bawa ka kantor nepi ka mangpirang-pirang poé. Sanggeus kajadian eta, desa jadi aman, tapi aya kabar yén nurutkeun rencana poé éta rek aya sababaraha pasukan ti leuweung nyaeta nu jadi bapa nu milu ka gunung bakal tarurun balik ka lemburna.

Ema jeung budak téh bungah pisan, jeung si budak geus lila hanyangeun apal kana nu jadi bapana. Tapi geus lila indungna ngadagoan jeung neangan nanya kaditu kadieu, ngan aya hiji kabar yén nu jadi bapa téh geus parna (maot).

 

TOKOH:

Budak (Kuring)

Indungna (Ema)

Lanceuk : Hadi, Ahmad,

Bapa

 

ALUR CARITA:

Maju

 

LATAR :

Tengah peuting

Isuk-isuk

 

LATAR TEMPAT:

Imah

Sawah

Leuweng

Desa anu jauh tina karamean

 

KALEUWIHAN NOVEL:

Dina carita ieu boga kaleuwihan nyaeta nyaritakeun carita anu pikasediheun jeung ngagambarkeun kaayaan jaman baheula masyarakat pilemburan di tatar sunda anu pikawatireun. Méré pelajaran jang barudak ngora anu ayeuna hirup di tatar sunda yén kahirupan baheula téh bener-bener pikasediheun jeung pinuh ku derita, teu siga jaman ayeuna. Jeung eta kajadian teh mangrupa kajadian anu bisa waé nini-aki urang ngalaman kana kaayaan éta.

 

KAKURANGAN NOVEL:

Kakurangannana nyaeta carita ieu teu nyebutkeun saha ari ngaran nu jadi budak lalaki anu jadi pameran utamana dina ieu carita novel sunda, jeung teu dicaritakeun naon wae sababna 2 lanceukna heunteu sare di imahna.

 

AMANAT :

Eta carita pikeun urang sarerea kudu patuh taat kana aturan-aturan pamerantah, urang teu menang ngalawan atawa ngabarontak ka nagara, mun baheula mah gerombolan, mun ayeuna mah teroris. Urang kudu bisa milih mana anu hade di lakukeun jeung mana anu goreng dijauhkeun.

8 comments: