CLICK HERE

Thursday, October 24, 2019

DONGENG SUNDA : ANAK HAYAM JEUNG HEULANG

Anak Hayam Jeung Heulang

 

Kasebatna Mama, éstu mahér sagala rupi, masagi atawa “all round” téa ceuk basa légégna mah. Kana maénpo jago, kantenan ngaos mah da sasat manukna. Horéng kana manyanyi ogé Mama téh kelebat ahli; wengi harita Mama ngahaleuangkeun pupuh Pucung:

Utamana jalma kudu réa batur,

keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri budi-akal datangna ti pada jalma.....”

 Aya indung hayam, keur ngasuh sapuluh anak-anakna di buruan,” saur Mama neraskeun ceramahna.

Tina sapuluh anakna, aya hiji nu manggihan cacing gedé pisan.           

Mireungeuh aya nu manggih cacing, dulur-dulurna ngaronom pada hayang kabagéan. Tapi, anak hayam nu meunang cacing téa malah nyingkur ngajauhan, lantaran sieun kasoro papanggihanana. Teu nolih ka dulur-dulurna, teu miroséa kana paménta indungna sangkan cacing badag téa dibagikeun saeutik séwang.

Keur naon maké kudu dibagikeun, da nu manggihan cacingna ogé ngan uing sorangan. Jadi cacing ieu mah rék dihakan ku sorangan waé,” ceuk anak hayam hawek bari nyirekeman cacing téa sieuneun direbut ku dulur-dulurna.

 Lantaran anak hayam nu hawek téa neugtreug, tungtungna mah dulur-dulurna ngéléhan manéh, kawantu geus arapaleun deui ka dulurna nu hawek ieu mah. Anak hayam nu salapan mencar deui, papada ngoréh nyiar hakaneun lianna.

Sabot hayam-hayam téa keur anteng ngaroréh, teu kanyahoan ti awang-awang nyirorot heulang ruyuk, gapruk ngaranggeum anak hayam hawek nu keur nyorangan. Sérénténg heulang dibintih, gapruk galungan jeung indung hayam. Sajeroning kitu, anak hayam anu hawek téa mah tetep aya dina ranggeuman heulang bari teu weleh ciak-ciakan kawas nu ménta ditulungan.

Lantaran ngarasa kadéséh, indung hayam gegeroan ménta bantuan ka anak-anakna nu lian sangkan ngahurup heulang ruyuk, tapi taya hiji ogé nu ngawaro kana panggero indungna, jongjon neruskeun ngaroréh néangan hakaneun

Najan geus tohtohan mélaan anakna nu sarakah téa, tungtungna mah indung hayam nyerah, ngantep anakna dibawa hiber ku heulang ka awang-awang.        

Bari lungsé indung hayam nanya ka anak-anakna nu salapan.

“Ku naon maranéh téga ngantep dulur nu keur kamusibahan?” tanya indung hayam hanjakaleun pisan geus kaleungitan hiji anakna.                 

“Ah, keun waé da nu ku heulangna manéhna sorangan,” ceuk anak Ku

hayam nu salapan méh bareng némbalan indungna. (Abah Endan Sukanda)

 

 

No comments:

Post a Comment