RESENSI BUKU BAHASA SUNDA "KEAN SANTANG" (RADEN KIAN SANTANG)
KÉAN
SANTANG
Kéan
Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran,
malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna.
Dina
hiji waktu Kéan Santang ngadeuheus ka ramana, unjuk-kan yén dirina hayang
ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajatén, tapi teu aya nu bisa
nandingan.
Ngadangu
kasauran putrana kitu, Prabu Siliwangi geuwat baé nyauran para ahli nujum
karajaan. Ménta bongbolongan, sugan aya jalma anu bisa nandingan kasaktén Kéan
Santang. Ditanya kitu, para ahli nujum téh kabéhanana ngabigeu teu aya nu
némbal. Ngan teu lila ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka Kanjeng Prabu.
“Kanjeng
Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra.
Jauh pisan éta jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.”
“Saha
kira-kirana anu bakal unggul lamun anak kaula tarung jeung Bagénda Ali?”
Kanjeng Prabu ,alik naor.
Anéh
pisan, saméméh ngajawab éta aki-aki téh geus ngaleungit, duka ka mana ngilesna.
Ti
harita Kéan Santang teu genah cicing. Hayang geura gok patepung jeung jalma nu
ngaran Bagénda Ali. Hayang geura tarung ngadu jajatén.
Hiji
waktu Kéan Santang pamitan ka ramana Prabu Siliwangi, seja miang ka nagri
Mekah, rék nepungan Bagénda Ali. Sanggeus diwidian ku ramana, gejlig baé
anjeunna angkat ti Pajajaran. Leumpang ngulon, muru ka lebah panonpoé surup.
Bubuhan jalma sakti, leumpangna téh napak kancang, nyaéta leumpang dina kulit
cai, nyéak gancang ka ditu ka kulonkeun.
Barang
nepi ka nagri Mekah, Kéan Santang patepung jeung aki-aki anu keur ngiuhan
handapeun tangkal korma. Pok Kéan Santang nanya.
“Ki,
cing tuduhkeun di mana ayana Bagénda Ali téh?” Éta aki-aki téh ukur melong,
neges-neges ka nu anyar datang.
“Saha
Ujang téh?” pokna kalah malik nanya.
“Kaula
téh Kéan Santang ti Pulo Jawa. Kaula hayang tepung jeung Bagénda Ali. Cenah
anjeunna téh jalma sakti, kaula hayang ngadu jajatén.”
“Euh,
kitu. Yu atuh tuturkuen Aki!” ceuk éta aki-aki ngajak indit ti dinya. Kéan
Santang nuturkeun. Tapi kakara ogé sababaraha léngkah, aki-aki téh pok nyarita,
“Aéh, iteuk Aki tinggaleun. Cing pangnyokotkeun, Ujang!” Kéan Santang geuwat
balik deui, maksud rék mangnyokotkeun iteuk. Ari iteuk si aki téa nanceb
deukeut tangkal korma.
Barang
éta iteuk dicabut, karasa bet pageuh. Kéan Santang nyabut deui beuki bedas,
angger baé teu kacabut. Kéan Santang mapatkeun ajian, nyabut deui éta iteuk
sataker tanaga. Ané pisan. Lain iteuk anu kacabut téh, tapi kalah sukuna ambles
kana taneuh. Kitu jeung kitu baé, unggal manéhna nyabut, sukuna kalah beuki mebes.
Kéan
Santang geus ngoprot késang. Iteuk angger teu bisa kacabut. Manéhna mimiti boga
curiga yén aki-aki nu boga éta iteuk téh tangtu lain jalma samanéa. Keur kitu,
aki-aki téh geus aya gigireun.
“Saha
saenyana andika téh, Ki?” ceuk Kéan Santang semu lungsé. Si Aki ukur seuri
ditanya kitu téh.
“Nya
kaula anu ditéangan ku andika téh. Kaula Bagénda Ali!” Ngadéngé kitu, rumpuyuk
baé Kéan Santang nyuuh kana sampéan Bagénda Ali. Manéhna taluk, sadar yén
kasaktén dirina ukur satungtung buuk upama dibandingkeun jeung élmu kawedukan
Bagénda Ali.
“Kaula
taluk, sumerah diri hoyong guguru ka Kanjeng Bagénda,” ceuk Kéan Santang.
“Heug,
tapi andika kudu ngucapkeun sahadat heula, asup agama Islam,” walon Bagénda Ali.
Ti
harita Kéan Santang asup agama Islam sarta terus guguru, ngulik bagbagan agama
Islam di Nagri Mekah.
Sanggeus
ngarasa cukup ngalap élmu, Kéan Santang pamitan hayang mulang deui ka nagrina,
Pajajaran. Ku Bagénda Ali diwidian kalayan dibéré pancén yén Kéan Santang kudu
nyebarkeun agama Islam di Pulo Jawa. Aya dua rupa barang anu dibekelkeun ku
Bagénda Ali nyaéta tasbéh jeung kitab Al-Qur’an.
Kéan
Santang mulang deui ka Pajajaran, nyebarkeun agama Islam. Teu saeutik rahayat
Pajajaran anu tuluy ngagem agama Islam. Ari ramana, Prabu Siliwangi, teu
kersaeun ngagem agama Islam. Dibarengan ku sawatara prajuritna, Prabu Siliwangi
ninggalkeun karaton, ngungsi ka hiji tempat di pakidulan Garut. Ceuk sakaol, di
dinya anjeunna ‘nghiyang’, ngaleungit tanpa wujud. Ari para prajuritna minda
rupa jadi maung.
Judul |
: |
Prabu
Kéan Santang |
Téma |
: |
Asal
– usul Prabu Kéan Santang |
Tokoh |
: |
Kéan
Santang |
Watak § Kéan
Santang § Prabu
Siliwangi |
: : |
Wanian Nyaah ka budak |
Latar § Waktu § Tempat |
: : |
Unggal poé Di
Ciamis, Mekah, Tasikmalaya, Garut. |
Alur
(jalan carita) |
: |
|
Prabu
Kéan Santang téh salah sahiji putra Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran anu
kawéntar kasaktianana. Sapulo Jawa mah kasaktian Kéan Santang téh geus taya
tandingna. Keur nambahan élmuna, Kéan Santang terus tatapa. Ari tempatna di
Patilasan Dépok Sukamulya, Ciamis. Tina tapana meunang pituduh, mun hayang
sakti kudu miang ka Mekah nepungan Bagénda Ali. Di Mekah, tepung jeung
Bagénda Ali. Kéan Santang téh ku Bagénda Ali disina nyabut iteuk, tapi teu
kadugaeun. Tina sabulu – bulu awakna kalah kaluar getih. Geus tuntas diajar
élmu Agama Islam, Kéan Santang mulang ka Pulo Jawa di Pajajaran. Kéan Santang
nyebarkeun Agama Islam. Réa rayat Pajajaran nu arasup Islam, iwal ramana nu
henteu. Kéan Santang maksa Prabu Siliwangi lebet Islam, tapi tetep nolak.
Prabu Siliwangi kabur ka Palabuan Jayanti tapi katéwak. Prabu Siliwangi teu
kersaeun ngalawan ka putrana. Teras ngahiang balad – baladna ngawujud maung
sarta nyarumputna dina leuweung Sancang, Pameungpeuk, Garut. Prabu Siliwangi
jeung baladna anjog ka wewengkon pakidulan Banten, ayeuna katelah urang Baduy
téa. Sanggeus kanyahoan yén ramana ngahiang, Kéan Santang terus nyebarkeun
agama Islam di daérah Tasikmalaya dibaraengan Syéh Haji Kudro Tuloh, ieu Syéh
téh ayana di Cihaurbeuti, sanggeus pupus layon Kéan Santang dikurebkeun
didaérah Gadog, Garut. |
||
Amanat |
: |
Urang
kudu usaha ngarah naon nu di cita – citakeun kalaksana |
Comments
Post a Comment