CLICK HERE

Monday, August 27, 2018

CONTOH PIDATO BASA SUNDA

Assalamualaikum wr. Wb

 

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama ba’du.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugia tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.

 

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

 

 

 

 

 

Assalamu 'alaikum wr wb.

 

Bapa Kapala Sakola, Ibu Bapa Guru, Para Sepuh sareng tamu uleman anu hadir di ieu tempat kango ngahadiran acara Paturay Tineung murangkalih kelas.

 

Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Ilahi Robbi. Kalayan Qodrat Mantena urang tiasa patepang dina ieu waktos kalayan sehat wal afiat.

 

Ibu-Ibu sareng Bapa-Bapa anu ku sim abdi dipihormat.

Teu karaos, sababaraha taun ka pengker abdi asa nembe dibantun ku pun Ema kadieu kanggo daftar sakola. Ayeuna, abdi teu karaos parantos bade ninggalkeun sakola ieu.

 

Kenangan-kenangan anu tos diukir di ieu sakola boh ku abdi atanapi ku rerencangan nu sanes karaos endah. Katambih deui, abdi sareng rengrengan parantos di bimbing kalayan tulus ku Bapa sareng Ibu Guru.

 

Hapunten Pa... Hapunten Bu...

Upami salami ieu abdi sareng rengrengan sering ngadamel ka teu raos dina manah Ibu sareng Bapa.

Bilih mah aya nu ka hinis ku raheutna ieu lisan, neda dihapunten kalayan peraosan anu tulus. Mugia Ibu sareng Bapa tiasa ngahapunten kana sagala ka hilapan abdi sadayana.

 

Dina dinten ieu abdi sareng rengrengan bade papisah ti Ibu sareng Bapa, ngalampah kahirupan engal. Hatur nuhun kana elmu anu parantos diwariskeun, mudah-mudahan janten elmu nu manfaat sareng janten amal soleh kanggo guru nu parantos ngadidik abdi ku ka ikhlasan.

 

Pa... Bu...

Doakeun abdi supados janten jalmi anu berguna. Sok sanaos elmu ngan sakeupeul peureup, namung abdi hoyong berusaha kanggo janten langkung sae ti ayeuna.

 

Mung sakitu anu tiasa didugikeun ku abdi salaku perwakilan ti kelas 6. Hatur nuhun kana sagala perhatosanna.

 

Di tutup ku doa,

Robbigfirlii wali waalidayya warhamhumaa kamaa rabbayaani shogiiron. Robbanaa aatinaa fiddunya hasanah wa fil-aakhirati hasanah, waqinaa adzaabannaar.

 

Wassalamu alaikum wr wb.

 

 

 

 

 

Assalamualaikum Wr. Wb.

 

Yang terhormat Bapak Kepala Sekolah,

Yang terhormat Bapak Ketua Komite,

Yang saya hormati pula Bapak dan Ibu Guru

serta teman-teman sekalian yang saya cintai.

 

Marilah kita panjatkan puji syukur ke hadirat Allah SWT, karena atas rahmat dan karunia-Nya kita dapat berkumpul pada hari ini dalam keadaan sehat walafiat.

 

Hadirin yang saya hormati, saya sebagai perwakilan teman-teman siswa kelas 6 ingin menyampaikan kesan dan pesan selama menuntut ilmu di sekolah ini. Selama kami belajar disini, Bapak serta Ibu Guru selalu membing kami dengan penuh kesabaran. Dari yang tidak tahu, menjadi tahu, dari yang tidak berbudi, menjadi penuh sopan santun. Semoga semua ilmu yang telah diberikan menjadi bekal bagi kami untuk menghadapi kehidupan pada masa yang akan datang.

 

Tak lupa pada kesempatan ini, kami mengucapkan terima kasih yang sebesar-besarnya pada Bapak dan Ibu Guru. Kami sebagai siswa, menyadari bahwa disengaja atau tidak, kami sering melakukan kesalahan. Oleh karena itu, kami mohon maaf yang setulusnya.

 

Kepada adik-adik kelas yang kami cintai. Tak akan lelah kami berpesan agar selalu belajar dengan rajin dan mematuhi nasihat para guru, karena itu sangat penting demi kebaikan kalian sendiri.

 

Hadirin yang saya hormati, demikian yang dapat kami sampaikan. Kami mohon doa dan restunya agar kami dapat melanjutkan kehidupan, mencapai jenjang pendidikan yang lebih tinggi dan lebih baik.

 

Atas perhatiannya kami sampaikan terima kasih.

 

Wassalamualaikum Wr. Wb.

No comments:

Post a Comment